Tuesday, January 5, 2016

Sajak Sunda

Sunda merupakan salah satu suku, budaya, etnis di Pulau Jawa Indonesia. Beraneka kebudayaan dihasilkan dari masyarakat Sunda sejak dahulu, salah satunya kebudayaan sastra, dalam pemaparan berikut akan memberikan contoh sajak Sunda :



SUNDA
( Ginulur Nugraha )

Dulur,
Pangjagakeun tanah warisan luluhur
Tina pangrobeda jeung tarekahna durujana
Geuingkeun turunan urang nu masi keneh morongkol
Diharudum simbut teu purun

Sunda padungdung tarung
Ngayonan sagala kamunafekan
Tumpes saha-saha anu deleka
Sing taya tapakna

Lamun Sunda geus balik deui kasalna
Luh-luh tangkal tanjung ngiricikna cai wahangan
Sarta hejo lembok geus walatra ka saban madhab
Kula mo hariwang rek mulang ka kalanggengan

  

PEUTING DI KAMPUNG
( Yus Rusyana )

Indung peuting nu ngadingding ngan ukur jadi panggeuing
Mega hideung nu maleukmeuk ngan ukur nambah kasieun
Kabeh naritah nyingkah ka jauhna
Peuting jempling ngan jadi karungsing
Bulan mencrang ngan jadi karingrang
Taya lanjang nu ngagondang
Taya bujang nu maridang
Da bulan matak salempang

Taya mojang nu ngabungbang
Taya bujang nu ngaranjang
Taya nu sare nyangkere
Da hate kabeh nyanggeyeng
Panon caleuy neuteup hateup
Paneuteupan panglamunan

Dimana nyangsangkeun badan
Ngan subuh nu ditinggu
Bray beurang nu diantian
Da mun subuh pangacian jadi karumpul
Da mun beurang nya raga aya nyawaan
Da ngan beurang manehna bisa rumingkang




BANDUNG SILALATU
( Sayudi )


Maranehna ngabedega napak mangsa
Nu nancebkeun belati-belati revolusi
Nu ngindungkeun kabebasan napas bangsa

Nu leungeunna nyawa jenu kota
Maranehna ngabadega napak dada
Tulang tonggong bolong pelor
Sakali kapal monteng ngarampas nyawa
Sarebu nica paragat nu congo bedog

  

RAJAH KI TANI
( Yayat Hendayana )

Kaula boga pacul di juru imah
Jeung tekad di jero dada
Duanana dijieun tina waja

Sadiakeun keur kaula sajeungkal tanah
Cadas teuas atawa gunung batu
Sakali pacul ngayun jleg jadi sawah
Cadu lamun teu subur

Serenkeun ka kaula tanah anggar ngabaketrak
Ku kesang anu ngareclak baris robah jadi leutak
Montong dibibita kaula ku pasir emas
Nu aya luhureun kertas
Nu saukur pangbebenjo budak ogo

Tekad kula pantrang luntur
Pacul kula tara mintul
Kaula keukeuh teu suka
Mun leuit lading tanaga
Digunasika duruwiksa




HAREWOS BOJONG
( Hadi Faturohman )


Dina tungtung peuting
Basa hujan teu jadi dating
Aya harewos na jeroning hate
Teu apal saha-sahana
Teu nyaho rupana
Teu inget di mana kungsi panggih jeung manehna
Tapi eta harewos
Lir sora angin nu ngahiuk
Siga sora galura di sagara
Estu matak ketir
Estu matak gimir
Sok sanajan ngan ukur harewos

Nu matak ahengna
Eta sora kungsi jadi cirri
Lamun kuring keur nandangan kanyen
Najan ukur bari ngaharewos

  



LALAKI NU BALIK JURIT
( Rahmat M. Sas. Karana )

Wanci layung hurung koneng
Manehna dating leungeuna euweuh sapotong
Bedil nyolegrang na tonggong
Pelor ngaberes handapeun cangkeng

Hiji lalaki bajuna hejo kapulas taneuh
Dipangperangan taya waktu pikeun nyeuseuh
Sakiceup waktu ngingintip langahna musuh
Mun manehna masih keneh embung paeh

Lebah pager imahna manehna ngarandeg heula
Uteukna nyarita mepes kanyeri nu baris tumiba
“Ema, kuring untung bisa mulang
Sedeng mitra rea nu palastra
Di hiji taneuh nu direbut ditebus getih “

Panto hareup ngageret aya nu muka
Hiji wanoja nu geus aya umurna
Ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng
Cimata indung maseuhan buuk anakna

Hiji lalaki bajuna hejo kapulas taneuh
Wanci layung hurung herang
Manehna dating dipapag cimata indung
Sedeng ‘na beungeutna taya gambar rasa tugenah 

0 comments:

Post a Comment

Informasi Populer